“Lembang Kiwari Heurin ku Tangtung”

oleh -2,956 views

Jabarpos.com, Lembang, ngaran desa Jeung kacamatan nu aya di Kabupaten Bandung Barat. Baheula nalika jaman Kolonial Belanda dina taun 1882 Lembang mangrupakeun distrik perkebunan teh. Lembang kaasup sisi (basisir) danau Bandung purba dina jamamna, asal muasal ngaran Lembang aya dua persi, Ngalembang (cai panamperan) Jeung Lambow (kandang Sapi).

Bisa kabayang jaman harita, Lembang anu hejo lembok ku tangkal ente’h, kiwari Kari kapasisian. Di puser kotana kiwari geus pinuh ku wangunan alias heurin ku tangtung. 

Mun penting Lembang marakbak caang sarua Jeung kota nu lianna. Kiwari kurang leuwih geus 136 taun, Lembang nu asalna daerah pertanian kiwari jadi tujuan wisatawan. Hawa pagunungan nu matak seger, alam anu endah jadi pamikat pikeun nuresep ngalancong ka Lembang nuaya di suku Gunung Tangkuban Parahu ieu.

Lembang jadi daerah tujuan wisata utama pikeun nudaratang ka Bandung ti luar kota malah ti mancanagara, aya istilah can ka Bandung mun teu ka Lembang.

Ngan hanjakal, lobana wisatawan nu daratang ka Lembang teu dibarengan ku kasiapan infrastruktur jeung sarana lianna pikeun hiji daerah tujuan wisata. Sejumlah ruas jalan kondisina manghatirkeun ironisna sababaraha jalan di Lembang acan dilengkepan trotoar, malah aya oge trotoar dipake nudarangang jeung tempat parkir, padahal pikeun hiji daerah tujuan wisata kalintang penting ayana trotoar.

Salian tieta, kondisi lingkungan di Lembang masih kotor, jauh tina sebutan bersih. Runtah masih numpuk di sababaraha tempat, arus lalulintas masih semerawut. Komo munseug liburan geus lain rusiah deui Lembang macet. Biasana waktu tempuh Bandung-Lembang normalna 30 menit, nalika macet bisa 4 nepi ka 5 jam.

Salian ti lobana jumlah kandaraan nu datang ka Lembang, oge’ ayana lokasi wisata ngadeg di jalur utama di kawasan Lembang nungajadikeun kamacetan. Duka kumaha caritana ujug-ujug ngadeg obyek wisata di jalur utama. Perlu di evaluasi tur ditalungtik sakabe’hna kaayaan obyek wisata di Lembang kasebut, munperlu kudu diterapkeun moratorium tempat wisata anyar.

Di sisi lain, jumlah nudatang ka Lembang anu sakitu lobana, sakuduna ngadatangkeun kauntunngan pikeun penduduk nu aya di Lembang. Tapi faktana, duit nu datang jutaan malah miliaran rupiah ka Lembang teu loba dinikmati ku warga setempat. Duit lewih loba asup kana kantong saku pengusaha gede’ urang luar Lembang.

Lebah dieu peran pamarentah pikeun mantu ngafasilitasi atawa nyieun regulasi pikeun warga Lembang sangkan bisa milu menikmati ngocorna duit wisatawan ka Lembang.

Misalna dijieun sentra parkir terpadu pikeun mobil gede’ tuluy angkutan ka padesaan dipake ngakutan wisatawan ka lokasi obyek wisata nu aya di Lembang, oge jadi sentra pikeun masarkeun produk warga jadi cori khas Lembang di eta tempat, oge’ para pelaku seni bisa mintonkeu kasenian di tempat-tempat wisata nuaya di Lembang.

Nujadi pagawean imah nu utama di Lembang nu kudu di heulakeun nyaeta soal kabersihan, infrastruktur, kamacetan, PKL, jeung peluang pikeun warga sakitar bisa nganikmati rupiah ti para wisatawan. Mugia Gubernur Jabar kang Emil sareng Bupati Bandung Barat kang Aa Umbara, anu Enggal ke’ne’h dilantik tiasa ngawujudkeun Lembang janten daerah tujuan wisata anu genah tur tumaninah pikeun wisatawan.

“Agus peang” (jpc)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *